sertifikat
Hai alumni cihuk IKIP Bandung! Kumaha daramang ?
Urang sakabeh pasti apal kana ayana sertifikasi guru nu diayakeun ku pamarentah, mimiti aya program eta (sertifikasi) kuring bet asa hayang seuri, heran atuda. Caritana urang sakabeh teh geus di asah, dilatih (lamun ceuk batur mah digembleng) ku sagala elmu pangaweruh pedagogik (TLKBM, SBM, Evaluasi Pendidikan, tepi ka PPL-na) mani ripuh pan urang basa ngalap elmu pedagogik teh? Komo lamun mahasiswana sabenerna “kapaksa” asup IKIP.Kacida bungahna barang rengse urang kuliah, make toga tur ngelek ijazah S1 pleus Akta IV, bari aya embel-embel dina ijazah jeung akta IV teh “kepadanya diberikan gelar SPD (Akta IV), beserta segala hak, wewenang, dan kewajiban yang melekat pada gelar(akta) tersebut” lamun urang ngeh kana eta kalimat, hartina barudak lulusan IKIP teh meuruen geus profesional matak lulus oge.
Lamun mah pamarentah ragu kana kualitet kaluaran “pabrik guru” (IKIP, UPI ayeunamah) (meureun heueuh nya ragu matak aya program sertifikasi oge) eta meureun pedah loba jalma anu ngadadak boga gelar sarjana kependidikan, duka timana jeung dimana sakolanamah anu matak pamarentah ragu. Naha atuh make dibere izin ngadirikeu PT ari kitumah nya ? teuing atuh, poek uing mah.
Lain, lain kuring teu panuju kana eta program, ngan nganahakeun teh, heueuh aneh we. Nu matak kahade kabarudak anu keur karuliah, sok sing balener sakola teh tembomgkeun yen urang boga itikad jeung kayahang anu mulya, ngarah ngajanggelek jadi mahasiswa anu disiplin jeung bener, atuh lulusna oge lain ngan sakadar lulus meureun. Ayeuna keur paguron luhurna tong waka diluluskeun eta mahasiswa lamun can layak lulus (ulah aya istilah karunya teu lulus-lulus) justru karunya lamun lulus sabab can layak. Satuju teu teman-teman ?
Kuring kacida bungahna ningali adik tingkat, kamari kabeneran muka blog Sopyan ’93 pasti nu lainna oge sarua harade meureun, inyana mani sakitu ulet tur parigel dina ngalaksanakeun tugasna (ceuk kuring mah onjoy eta budak teh) maenya nu kitu masih kudu disertifikasi oge, iraha atuh dek mere penghargaan ka budak bangsa anu pinuh ku dedikasi.
hehehehe… Waduh sim kuring janten ge-er yeuh. Janten kembung ieu pangambung. Hatur nuhun parantos kersa rurumpaheun ka Blog sim kuring. Mugia tiasa janten media silaturahim.
Amin,
Salam ti Bogor…
Sopyan
Bungah kuring oge ningali adi semangat teh, peupeuriheun ki lanceuk euweuh kahayang. Pasti ku ngobrol cara kieu oge silaturahim urang sakabeh moal pegat, komo lamun nu laina araya mah.
Kumaha abdi hoyong gaduh blog Yeuh?
Meserna di mana Sich? Di Pasar Baru atanapi di pasar kosambi?
Cik pasihan bongbolongan teu kiat hoyong gaduh blog…..
Gi…, kamarana nya balad-balad ? di teangan teh meni teu aya saurang-urang acan nu narongol.
Serius ? gampang tinggal milih rek di blogger atawa wordpress. sok geura asup ka dua layanan eta pasti bisa. dijamin!!!
salam.
wihhhh ini bahasa sunda yahhh…. :”)
hatur nuhun pisan ah space iklan gratisanna singa janten ibahadah. Mudahan2 ada juga perusahaan lain yang minat n akhirnnya gak gratis lagi khan
Thanks Bro’
Buat mba ria, iya mba iki bahasa sunda… ada yang tau enggak artinya? sering aja dateng ke blog ini biar tahu “Basa Sunda”….